Kampung Cireundeu
“Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”, aksara latén jeung Sunda Kuna natrat dinagapura, mapag léngkah basa mimiti anjog ka tempatna téh.Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap.Da puguh kampung téh pernahna di léngkob, handapeun suku Gunung Kunci, Ciménténg, Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung-eunteung deuih jeung urut TPA Leuwigajah nu kungsi maragatkeun puluhan jiwa.
Pernahna mah di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi. Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah, kira-kira 40 km laju ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi ka 2 jam.Éta gé lamun ngagunakeun kandaraan pribadi, sedeng kana umum mah leuwih lila ti sakitu. Da puguh kudu sababaraha kaliganti angkot. Ti Leuwipanjang mah naék angkot nu ka Cimahi,laju naék deui jurusan Cimahi-Leuwigajah, terus Cimahi-Cangkorah, jeung ditungtungan ku naék ojég sangkan nepi ka nu dituju.
Sabéngbatan mah Cireundeu téh prah baé kawas kampung séjénna. Lebah kamekaranna gé sarua. Imah témbok ngajarengléng, atuh télévisi, radio, hapé, jeung barang éléktronik séjén gé geus lain barang anéh. Dina widang atikan gé kaitung maju, wuwuh réa nu sakola ka paguron luhur. Cindekna, tingkat ékonomina geus lumayan maju. Ngan nu matak narik, lian ti masarakatna masih kénéh nyekel pageuh tatali tradisi, kadaharan pokona gé lain béas, tapi sampeu (manihot esculenta crautz).
Nurutkeun katerangan, masarakat Cireundeu mimiti ngonsumsi sampeu ti taun 1918, mangsa Walanda keur ngajajah kénéh. Cenah, harita Cireundeu ngalaman paila nu matak nalangsana. Pikeun ngungkulanana, salah saurang sesepuh kampung néangan tarékah, nu satuluyna meunang pituduh sangkan ulah ngadahar kadaharan tina béas. Nya nyobaan ganyol, taleus, jeung hajeli pikeun gantina. Tapi teu kuat lila, nu antukna pindah kana sampeu nepi ka kiwari. Pantes rék kituna téh, da puguh Cireundeu mah wewengkonna kurang cocog pikeun nyawah. Malah cenah lamun melak paré, komo nincak katiga, sok gagal waé, cai téh ngadak-ngadak saat.
Teu nanaon teu boga huma asal boga paré, teu boga paré asal boga béas,teu boga béas asal ngéjo,teu ngéjo asal dahar, teudahar asal hirup, mangrupa palsapah Cireundeu dina mertahankeun hirup ku jalan néangan alternatif kadaharan pokok (béas) ku sampeu.Mémang ngadahar sangu lain pantrangan, tapi wuwuh geusjadi kabiasaan kana sampeu,cenah, kiwari masarakatna loba nu jarijipen, malah loba nu nyareri beuteung lamun geus ngadahar sangu téh.
Dicutat tina buku Pamekar Diajar Basa Sunda ( Pikeun Murid SMA/SMK/MA Kelas XI)
kaca 84-86
PANCEN TRADISI SUNDA
Dimana jeung beulah mana perenahna kampung Cireundeu teh ?
Naon nu ngabedakeun kampung Cireundeu jeung kampung sejenna?
Kumaha tingkat ekonomi masarakatkampung Cireundeu?
Naon pangna sampeu jadi kadahan poko urang kampung Cireundeu?
Komentar
Posting Komentar