Ti Kebon kana Carpon
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.
Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban”, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh masih sakola di SMA.
Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda.
Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar.
Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Albeum Kuring”, “Nu Luncat tina Beus Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”.
Patalékan
Saha ngaran tokoh anu dicaritakeun dina téks biografi di luhur?
Iraha jeung dimana tempat tanggal lahirna?
Geus nyiptakeun naon baé tokoh di luhur?
Kumaha riwayat atikanana?
kumaha riwayat pagawéanana?
Kungsi dibéré pangajén naon baé?
Caritakeun deui teks biografi anu dianalisis ku hidep maké basa sorangan!
Komentar
Posting Komentar