TUGAS BAB NOVEL

 Baruang  kanu  ngarora

Karya: D.K Ardiwinata (19)



Ujang kusen, anak Haji Samsudin, Jalma beunghar di Kampung Pasar, ngalamar Nyi Rapiah, anak Haji Abdul Raup nu oge sarua beunghar di Pasar. Lamaranana 

Ari Ajengan keur nyarita kitu, Si Usup keur heureuy jeung Si Umar. Duka heureuy naon, da kuring mah di juru diuk téh. Nyarandé ngarah bari nundutan.

Na atuh ari gantawang téh Si Usup jeung Si Umar dicarékan laklak dasar. Lain... lain ku Ajengan. Ku Mang Udin ieu mah nu kabeneran nangénan. Nepi ka Ajengan ku anjeun bangun reuwas ngadangu Mang Udin nyentak kitu téh. Tah, barang geus kitu mah Ajengan ogé jadi méngkol sasauranana téh kana nyarékan éta dua budak.

Ku kuring ogé di kobong dinaha-naha Si Umar téh. Ari pokna, “Da demi Alloh, ana mah henteu heureuy. Si Usup noél, mimitina mah nuduhkeun Mang Udin nu keur nundutan. Kabeneran barang Si Usup seuri, barang Mang Udin beunta. Éta mah Mang Udinna baé nu pupujieun. Padahal manéhna anu nundutan.”

Duka, kuring gé teu terang kumaha babadamianana Si Usup jeung Si Umar dina rék “males nyerina” ka Mang Udin. Katémbong ari keur patingkucuwesna mah. 

Soréna basa kuring keur ngabuburit ka deukeut sawah, katémbong Si Umar hareupeun imah Nyi Juariah. Nyi Juariah nolol tina jandéla. Si Umar teuing nyaritakeun naon, da leungeunna pepeta. Nyi Juariah katémbong gigideug. Kuring panasaran, api-api rék balik, ngadeukeutan nu keur ngobrol. Handeueul, da kakara gé kuring tepi ka pipirna, Si Umar geus anggeus mantén ngobrolna. Ngan kungsi kadéngé omongan Nyi Juariah nu panungtungan, “..... Tapi awas lamun kotor, jeung bada tadarus kudu dipulangkeun deui....,” cenah.

Basa keur buka, taya kajadian nanaon. Tapi Mang Udin tetep goréng budi ka nu duaan. Atuh Si Usup jeung Si Umar henteu seuseurian kawas biasana ari keur buka téh.

Bada tarawéh kuring buru-buru balik ka kobong. Henteu milu tadarus, inget kana kolek sampeu meunang Si Atok. Batur tarawéh Si Atok mah ngolék sampeu di kobong.

Basa kolek geus rék béak. Kadéngé barudak tinggarendeng baralik tadarus. Atuh ribut marénta kolek. 

Tah keur kitu – keur ribut dalahar kolek – na atuh ari gorowok téh aya nu ngagorowok. Tétéla aya nu gogorowokan. Kadéngé aya nu lumpat di buruan, geus kitu gabrug aya nu nubruk panto. Bru Mang udin nangkuban, ngahégak. Allahu robbi. Kapan ari santri-santri mah, ari solat tara maké calana da bisi kotor. Kitu deui mun ka tajug, maké sarung téh tara maké calana deui di jerona. Kitu deui Mang udin harita ogé. Teu maké calana. Bakat ku reuwas lumpat, sarungna morosot..... Teuing ragrag di mana. Atuh basa nangkuban téh ngan maké baju kamprét wungkul. Hadéna labuhna nangkuban. Jadi henteu orat pisan.

Sanggeus pada nginuman, Mang Udin éling deui. Pokna, “.... Ana keur leumpang sorangan, lebah handapeun tangkal kelewih sisi balong aya nu ngabelegbeg bodas. Tétéla jurig... jurig.... Tétéla pisan....,” pokna.

Umumna ari santri mah sok borangan. Da harita gé barang tamat Mang udin nyarita, santri-santri téh tingraréngkol disarimbut. Malah loba nu teu wani saré sorangan dina tempatna. Milu jeung baturna kajeun pasedek-sedek. Kuring gé mun teu inget ka Si Atok keur budug mah, kana nangkod ka Si Atok saré téh.


Geus sarimpé kadéngé Si Usup jeung Si Umar daratang. Si Umar pidah saréna ogé ka tempat Si usup (teu jauh ti tempat kuring). Kuring gé curiga, barang ngadéngé éta dua umat tingcikikik saleuseurian téh.

Aya kabeneran. Isukna, kuring keur aya di dapur bumi Ajengan, katénjo aya Si Umar jeung Si Usup ngadeuheus ka Ajengan. Kadéngé Si Umar nyarita, yén peuting tadi manéhna tas nyingsieunan Mang Udin maké mukena Nyi Juariah. Panjang nyaritana da maké nyatut kasauran Ajengan sagala rupa, perkara sakabéh syétan jeung jurig dicangkalak téa dina bulan Puasa mah. Kadéngé Ajengan nyakakak gumujeng.

Barang keur ngaji, Mang Udin bébéja yén aya jurig .....

Na atuh ari gantawang téh Mang Udin dicarékan, “Udin.... anta téh murid ana nu pangkolotna. Naha anta teu percaya, yén dina bulan Puasa mah moal aya jurig....”

Panjang nyeuseulanana Ajengan téh, malah maké mamawa kana ajian sagala rupa.

Lamun Mang Udin keur euweuh, soal lulucon éta téh sok jadi bahan éak-éakan. Ku Si Atok saterusna Mang udin téh dilandi “jurig teu dicalana”. Teu galak teuing ti harita mah murid kadeuheus Ajengan téh.


(Dicutat tina buku Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan RAF [Rahmatulloh Adieng Affandie], Taraté Bandung, 1984)


PANECAN NOVEL

1. Soal/masalah naon anu dicaritakeun dina Novel di luhur téh?

2.  Di mana kajadianana? Iraha kajadianana?

3. Saha baé anu ngalalakon dina carita “Baruang Kanu Ngarora”? Kumaha pasipatanana?

4. Ku saha Novel di luhur téh dicaritakeunana/ dilalakonkeunana?

5. Naon sababna Si Umar jeung Si Usup dicarékan ku Mang Udin? Naon sababna Si Umar jeung Si Usup hayang malés ka Mang Udin? Naon sababna Mang Udin diseuseulan ku Ajengan? Naon sababna ti saprak aya kajadian di Sisi Balong Mang udin jadi henteu galak teuing?

6. Naon anu hayang ditepikeun/dikomunika-sikeun ku pangarang ngaliwatan carita “Baruang Kanu Ngarora”?



Komentar