PANCEN BAB WARTA

 





Lead: Helaran

Jampana dina

miéling poé jadina

Kota Tasikmalaya

pikeun

mageuhkeun

tékad pamaréntah

sangkan

“Sauyunan

Ngarojong

Pangwangunan

ku Gawé Nyata

ngahontal

Rahayat Kerta

Raharja”







Body: Panitia

nyadiakeun piala

jeung layang

pangajén pikeun

pamilon helaran,

jsté.



Hélaran Jampana

Kota Tasikmalaya 2013


Dina raraga miéling poé jadina Kota Tasikmalaya taun 2013 ieu direuah-reuah ku Hélaran Jampana. Ruteuna ti mimiti Bunderan Tugu Adipura, tuluy ngidul sapanjang jalan KHZ Mustofa nepi ka Lapang Dadaha. Helaran Jampana nu dilaksanakeun taun ieu seja mageuhkeun tékad pamaréntah pikeun “Sauyunan Ngarojong Pangwangunan ku Gawé Nyata sangkan Rahayat Kerta Raharja” 

Sajaba ti midangkeun rupa-rupa kasenian tradisional Sunda, sacara simbolis dina aleutan helaran dipintonkeun ogé hasil-hasil pangwangunan ti unggal dinas. Anu harita milu ngaleut dina helaran téh di antarana waé dinas kacamatan, kesatuan bangsa, komunitas sapédah gowél, unsur BUMN, BUMD, OPD Setda Kota Tasikmalaya. Sajaba ti éta, aya pamilon hélaran ti warga Tionghoa,nu rampak maraké pakéan Sunda, kayaning kabaya, pangsi, jeung iket barangbang semplak. 

Aleutan helaran nu munggaran dipupuhuan ku Walikota katut Wakilna, dibarengan ku Sékda sarta réngréngan DPRD, para Kepala Dinas/Badan, alim ulama, sarta unsur Muspida Kota Tasikmalaya ngajugjug panggung kahormatan nu dipernahkeun di jalan parapatan Nagarawangi. 

Panitia nyadiakeun piala jeung layang pangajén pikeun pamilon helaran. Anu jadi Pinunjul I beunang ku Unit BPPT, Pinunjul II Dinas Kacamatan Tawang, sarta Pinunjul III Dinas Kacamatan Kawalu. Sedengkeun anu jadi Pinunjul kahiji dina Lomba kandaraan hias nyaéta ku Unit Perbankan, pinunjul kadua Bina Marga, jeung pinunjul katilu ku Asia Plaza.

Uun Juharti (Manglé)

Bagian-bagian warta anu anu ngandung unsur 5W jeung 1H

5W-1H

“Helaran Jampana Kota Tasikmalaya 2013”

Naon


Saha


Iraha


Dimana


Naha


Kumaha


Komentar