Tradisional Kebahasaan Sunda
Pemahaman ngeunaan Basa Sunda
Basa sunda nyaéta basa ti cabang Malayo-Polinesia kulawarga kulawarga Austronesia. Basa ieu diucapkeun ku sahenteuna 40 juta urang sareng mangrupikeun basa anu paling seueur diucapkeun di Indonesia saatos basa Jawa. Urang Sunda diucapkeun ampir sadayana propinsi Jawa Kulon sareng Banten, sareng daérah kulon Jawa Tengah dimimitian ti Walungan Brebes (Sungai Cipamali) di Kecamatan Brebes sareng Serayu (Sungai Cisarayu) di Kabupaten Cilacap, di daérah Jakarta, ogé di sakumna propinsi di Kab. Indonésia sareng ka luar negeri anu janten wewengkon urbanisasi masarakat Sunda. Tina sudut pandang linguistik, sareng basa Baduy, masarakat Sunda ngabentuk kulawarga basa Sunda anu diasupkeun ka kulawarga basa Melayu-Sumbawa.
Variasi dina Basa Sunda
Dialek Sunda (basa wilayah) rupa-rupa, mimitian ti dialek Sunda-Banten, ka dialek Sunda Tengah anu mimiti dicampur sareng basa Jawa. Ahli basa biasana ngabédakeun genep dialek anu béda. Dialék ieu nyaéta:
Dialek Kulon (Basa Banten): sadaya kabupaten sareng kota di propinsi Banten (kecuali kota Tangerang sareng kabupaten Tangerang sareng kota Tangerang Kidul).
Dialék Kalér: Kabupaten Bogor, Kabupaten Karawang, Kabupaten Subang, Kabupaten Purwakarta, Kota Bogor, Kabupaten Bekasi, sareng Kota Bekasi (kecuali kota Depok).
Dialek Kidul (Priangan): Bandung Raya (Kabupaten Bandung, Kabupaten Bandung Kulon, Kota Bandung, Kota Cimahi), Kabupaten Cianjur, Kabupaten Sukabumi, Kabupaten Sumedang, Kota Sukabumi, Kabupaten Garut, Kabupaten Tasikmalaya, sareng Kota Tasikmalaya.
Dialék Wétan Tengah: Kabupaten Majalengka sareng bagian-bagian kabupaten Indramayu kidul
Dialek Timur laut (kaasup Cirebon Sunda): Kabupaten Kuningan, bagian ti Kecamatan Cirebon kidul, bagian ti Kabupatén Brebes Kulon (Jawa Tengah).
Dialek Tenggara: Kabupaten Ciamis, Kabupaten Pangandaran, Kota Banjar, Kabupaten Cilacap, sareng bagian ti Propinsi Banyumas Kulon (Jawa Tengah).
Dialék Kulon diucapkeun di daérah Banten sareng Lampung. Dialék Kalér nyertakeun daérah Sunda kalér kaasup Kota Bogor sareng bagian-bagian basisir kalér. Maka dialek Kidul nyaéta dialék Priangan anu nyertakeun Kota Bandung sareng sakurilingna. Samentawis dialek Wétan Tengah mangrupikeun dialek sakitar Majalengka sareng bagian-bagian kabupaten Indramayu. Dialék Northeast nyaéta dialék di sabudeureun Kabupatén Cirebon, Kabupaten Kuningan ogé bagian tina Kabupaten Brebes sareng Kabupaten Tegal di Jawa Tengah. Sareng pamustunganana dialek Tenggara mangrupikeun dialék sakitar Kabupaten Ciamis ogé Kabupaten Cilacap, Kabupaten Brebes sareng Kabupaten Banyumas di Jawa Tengah.
Sajarah sareng Sumebar
Urang Sunda diucapkeun utamana di kuloneun Pulo Jawa, di daérah anu diparebut tatar Sunda (Pasundan). Tapi, Sunda ogé diucapkeun di beulah kulon di Jawa Tengah, khususna di Daérah Brebes sareng Cilacap, sabab daérah ieu baheulana dikadalikeun ku Karajaan Galuh. Seueur ngaran tempat di Cilacap anu masih kénéh aya ngaran urang Sunda sareng nami Jawa sapertos Daérah Dayeuhluhur, Cimanggu, sareng anu sanésna.
Salaku tambahan, dumasar kana sababaraha ahli basa Sunda dugi ka sakitar abad ka-6 wilayah naratifna ngahontal di sekitar Plato Dieng di Jawa Tengah, dumasar kana nami "Dieng" anu dianggap nami Sunda (asal tina kecap dihyang anu mangrupikeun kecap Purba Sunda Kuna). Salaku transmigrasi sareng imigrasi anu dilakukeun ku etnik Sunda, panyatur basa ieu parantos sumebar ka luar Java. Contona di Lampung, Sumatra Kidul, Jambi, Riau, Kalimantan Kulon sareng Sulawesi Tenggara dimana urang Sunda nganggo nomer anu signifikan dina daérah Pasundan.
Sunda Fonologi
Kiwari Sunda ditulis dina hurup Latin sareng fonét pisan. Aya lima sora vokal murni (a, é, i, o, u), dua vokal nétral, (e (pepet) sareng eu (ɤ), sareng henteu diftong. Fonem konsonan ditulis nganggo huruf p, b, t, d. k, g, c, j, h, ng, ny, m, n, s, w, l, r, sareng y. Konsonan anu sanésna asalna tina basa Indonesia dirobih jadi konsonan utama: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, sareng kh -> h. Ieu mangrupikeun foném basa Sunda dina bentuk tabular. Pertama vokal anu munggaran dibere.
vokal Depan Madya Belakang
Tertutup iː uː
Tengah e ə o
Hampir Terbuka (ɛ) ɤ (ɔ)
Terbuka a
CONTOH ADAT KABIASAAN
Sélér bangsa naon waé jeung dimana waé ayana tangtu ngabogaan budaya séwang-séwangan, sakapeung béda pisan. Rupa-rupa kacirina téh. Upamana tina pakéanana, kasenianana, kadaharanana, wangun imahna, jeung adat istiadatna. Ari ngurus orok jaman baheula tangtu bakal béda jeung ayeuna nu sarwa lengkep jeung modéren. Baheula mah réréana nu ngalahirkeun diurusna ku paraji. Ayeuna mah ilaharna ku bidan atawa ku dokter, komo mun di rumah sakit mah pakakasna gé meni sagala aya. Tapi di sawatara daérah boh di kampung.
Cara ngurus orok mimitina mah sok dipapaggahan. Anu mapagahanana biasa mah paraji. Saenggeus ngurus nu ngalahirkeun,biasana paraji gé ngurus orokna. Sajeroning ngurus orok, paraji méré conto jeung mapagahan ka indungna orok, pangpangna dara, nu can boga pangalaman ngurus orok, da manggaran pisan.
Ari anu dipapagahkeunana saperti cara ngamandian, cara ngabedongan, cara -bonbiasa. Lamun orok heuay kudu téh sok dihalangan sungutna ku ramo, bari ngucap ”Sup baju kurungan.”
Lamun orok sisiduen sok geuwat dijawab rada digebah, bari ngucap “maling cikur”. Lamun masih sisiduen kénéh, eta orok sok digebah deui bari nyarita “maling jahé”. Lamun orok tuluy baé sisideuenana, sok ditapelan pucuk daun seureuh, atawa rambu samak di antara halisna.
Baheula mah ngubaran orok nu sisidueun téh kudu reuwas, nya éta kudu cara digebah sangkan reuwaseun. Kumaha ari ayeuna? Tangtu teu sarua, ngan sabagian aya nu sok ngalaksanakeun éta kabiasaan. Malah teu kurang nu hasil. Orok eureun tina sisidueunana. Ari sisidueun téh alatan katiisan. Kiwari mah sok langsung waé awak orok téh dibalur ku kayu putih atawa minyak tawon sangkan haneut.
Lamun orok beresin sakali, sok ditémbalan ku indung ku ngucap “ceng sawan”. Lamun ngadua kalian beresinna, sok ditembalan ku indung na “hurip waras”. Nya kitu deui lamun orok kabesékan, ku indung na sok di témbalan, pokna téh:”bong-bong jalan ka gedong”.
Palebah orok katerap panas tiris atawa ceurik teu pupuguh, pangheula-heulana dibura ku panglay, dipupuk ku gegejok jeung sawanan.
Kumaha di daerah hidep, masih kénéh aya nu ngurus orok samodél conto di luhur? Sigana kiwari mah geus langka anu ngalakukeun kabiasaan saperti éta teh. Tapi upama aya, naha sarua jeung nu dicaritakeun di luhur? Naon bédana? Meurenan budakna lalaki. Kitu deui geus nincak mangsa nu meujeuhna modél baheula téh. Ayeuna mah disundatan ogé teu leupas tina adat kabiasaan. Di urang nepi ka kiwari geus jadi kabiasaan, lamun aya buda lalaki disundatan atawa dihitan sok diayakeun raraméan.
Gedé leutikna acara raraméan mah gumantung kana karep jeung kamampuh kolotna. Baraya indung bapana, ti nu jauh ti nu deukeut, biasana daratang. Nyambungan atawa mantu-mantu pagawéan. Kitu deui tatangga-tatanggana nu dareukeut. Komo lamun sukuran hitanan téh dibarengan ku pagelaran kasenian.
Keur nu salametan rada rongkah mah, saméméhna budak disunatan téh sok dibawa héleran, dina iring-iringan seni kuda renggong mun di Sumedang, atawa sisingaan mun di Subang. Tapi di daérah séjén gé sok rajeun aya nu nanggap kuda rénggong atawa sisingaan, ngahaja ngadatangkeun.
Budak nu rék dihitan the katingali gagah tur gandang. Pakéanana ngempur hurung-hérang. Sajajalan dipirig ku tatabeuhan kendang penca, ditarompétan, diigelan, sorana kadéngé ka mana-mana. Beuki lila aleutan téh sok beuki panjang jeung beuki ramé. Katambah-katambah ku barudak nu kaliwatan sapanjang jalan, dibarung ku surak éak-éakan.
Kiwari mah di daérah pakotaan geus langka nu ngarencéng-rencéng budak nu disunatan modél baheula téh. Ayeuna mah dina ayana gé langsung waé di gedong nu meunang nyéwa. Kitu ogé keur nu loba duit. Ari nu basajan mah cukup siduru isuk waé.
Disundatanana gé baheula mah masih kénéh ku paraji, nu sok pada nyebut bengkong. Ari paraji tukang ngurus nu ngalahirkeun mah disebutna indung beurang. Kiwari gé kétang teu kurang nu ku paraji. Umumna nyundatan di pakampungan mah masih kénéh ku paraji. Di kota mah kolot budak nu disundatan téh aya nu ngangkir dokter ka imah, tapi réa ogé nu ngahaja datang ka tempat praktékna.
Kitu ogé dina mangsana kawinan. Prak-prakan upacara ngawinkeun di unggal daérah tara leupas tina adat istiadat. Ngan unggal daérah béda-béda. Lamun upacarana dibarengan ku kasenian, kasenianana ogé béda-béda. Aya wayang golék, wayang kulit, jaipongan, degung, tarling, atawa kasenian séjénna. Éta kabéh diayakeunana sabada acara nu poko, nya éta acara walimah.
Salahsahijina upacara nyawér pangantén. Ieu ogé kagolong adat kabiasaan atawa tradisi. Sabada dirapalan, pangantén téh diréndéngkeun dina korsi diburuan. Dipayungan ku payung hias, husus paranti upacara. Tuluy disawer. Nyawér téh saenyana mah mapatahan atawa nganaséhatan pangantén, tapi bari ditembangkeun. Disaksian ku sararéa, sakur nu hadir, kolot budak.
Bari tembang, tukang sawér téh kadang-kadanng ngawurkeun béas tina bokor, campur jeung duit logam, jeung konéng meunang ngeureutan. Ngawurkeunana kana payung upacara téa. Sora béas patingparalak. Duitna marurag, patinggorolong. Barudak parebut, pahirbut mulung duit. Upacara nyawér mah biasana didaragoan, pangpangna ku barudak. Ramé ari upacara nyawér mah ramé ku nu marulung duit, ramé ku nu saleuseurian nimbulkeun rasa gumbira.
Dangdanan pangantén téh béda tisasari. Didangdanan ku papakéan husus nu ngahaja meunang milih tukang rias. Nepi ka kiwari ogé rupa-rupa upacara pangantén diparaké kénéh di unggal daérah. Baju pangantén di unggal daérah ngabogaaan ciri has séwang-séwangan.
Dipakekeunana baju pangantén téh pikeun ngabédakeun jeung nu séjén. Tamu nu datang gé sok langsung apal, nya di antara cirina téh baju pangantén téa. Pangantén dina poé kawinan mah jadi raja. Ari raja mah umumna sok maké papakéan nu béda ti nu séjén. Sarua unggal daérah gé, adat kabiasanana teu jauh ti kitu. Nya di sagédéngeun pikeun ngareuah-reuah, gé pikeun ngamumulé adat budaya karuhun.
( Sumber: Gentra Basa XI )
Komentar
Posting Komentar