MATERI BAB PANATA ACARA

PANATA ACARA

(JADI MC)

AYA SAWATARA ISTILAH PATALI JEUNG KAGIATAN MANDU ACARA. DI ANTARANA:

Master of Ceremony (MC)

Host (pribumi)

Panata Acara/Girang Acara

Panumbu Catur

Presenter (penyaji)

Jsb.



JENIS ACARA


1. FORMAL:

  • Upacara bandéra

  • Pelantikan

  • Seserahan/Walimahan

  • Jsb



2. NON FORMAL

  • Hiburan

  • Upacara adat

  • Tepung taun

  • Jsb.


BEBEDAAN FORMAN SARENG NONFORMAL

1. FORMAL 

  • Seremonial/Kaku

  • Ngalibetkeun protokolér.

  • Kudu tumut kana naon-naon nu geus jadi katangtuan.

  • Singget/teges/efisien.

  • Nu mandu acara museur kana inti acara



2. NON FORMAL 

  • Henteu kaku.

  • Loba improvisasi.

  • Acara sok diluyukeun jeung kabutuhan.

  • Nu mandu acara museur kana ngahirupkeun suasana.



CONTO LARAPNA DINA KALIMAH


Bubuka

Mangga urang sami-sami ngadeuheuskeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT anu parantos ngamparkeun ni’mat ka urang sadaya. Insya Alloh ni’mat iman, ni’mat Islam wuwuh nimat silaturahmi, dugi ka urang dina danget ieu tiasa ditepunglawungkeun sawargi-wargi kalayan rahayu salamet.


Nataan Susunan Acara

Sim kuring baris ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun dina wengi ieu. Anu kahiji nyaéta bubuka; kadua, ngagalindengkeun kalam Ilahi, katilu, rupi-rupi pamapag: pupuhu panitia, bapa Kadés Bojong Inong; nu kaopat béwara sareng pamasrahan rupi-rupi penghargaan. Nu kalima, minangka acara inti nyaéta rupi-rupi kamonésan nu dijanggélékkeun dina pinton seni; nu pamungkasna acara Do’a.


Ngahaturanan

Sim kuring kalayan asmana panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa, para ibu miwah hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia.


Nganuhunkeun

  • Atuh teu hilap, ogé ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan kana sagala rupi pangrojong boh moril boh materil, dugi ieu acara tiasa lumangsung kalayan nyugemakeun. Sakali deui hatur nuhun nu taya wates wangenna.

  • Hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia anu parantos ngalaporkeun rupi-rupi kagiatan dina salebeting miéling HUT Kamerdékaan, mugi tiasa kama’lum ku sadayana.


Mungkas Acara

Alhamdulillah, acara demi acara parantos réngsé dilaksanakeun. Sateuacan sim kuring pamit, kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng kakirangan. Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana




BABANDINGAN JEUNG BIANTARA

 

SASARUAAN

BEBEDAAN

Babagian Panata Acara téh aya sasaruaanana jeung runtuyan babagian biantara, nyaéta aya bagian: bubuka, eusi jeung aya bagian panutup

  • Biantara mah caritaan (nu dilisankeunana) téh gembleng ti mimiti bubuka, eusi jeung panutup. 

  • Panata Acara (MC) ku lantaran purah ngatur lumangsungna acara, caritaanana henteu kebat saperti biantara.



Komentar