PAKEMAN BASA
Istilah pakeman basa sok disebut idiom, asalna tina basa Yunani idios hartina ‘has, mandiri, husus, pribadi’. Pakeman basa nyaeta wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalan trahna nurutkeun harti tata basa.
Wanda pakeman basa
Wangun pakeman basa kabagi jadi sababaraha diantarana (1) babasan, (2) paribasa, (3) rakitan lantip, (4) kecap kiasan, (5) cacandran, (6) uga, (7) candrasangkala, (8) repok
Babasan
Babasan nyaeta ungkara winangun kecap (kantetan) atawa frasa anu susunanana geus matok tur ngandung harti injeuman.
conto: hampang birit: babari dititah
Paribasa
Paribasa nyaeta ungkara winangun kalimah atawa klausa anu kekecapan katut susunanana geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa.
conto: Adat kakurung ku iga: tabe
Cacandran
Cacandran nyaeta panataan tempat anu dibalibirkeun.
Conto:
Cianjur katalanjuran hartina kaleuleuwihi
Sumedang ngarangrangan hartina tangkal anu daunna maruragan
Bandung heurin ku tangtung hartina loba wangunan anu laluhur
Uga
Uga nyaeta tujuman anu aya patalina jeung parobahan penting babakuna parobahan kaayaan nagara (daerah).
Conto:
Jaga mah barudak sajajalan ditiungan nya buktina aya kareta api
Gancang carita beja, mun geus aya balabar kawat buktina aya telegram
Uga
Conto:
Jaga mah barudak batu turun keusik naek nya buktina aya anak somah naek pangkat, anak menak teu naek pangkat
Komentar
Posting Komentar