MATERI BAB KAWIH

NAON HARTINA KAWIH?

Kawih téh mangrupa rakitan basa sabangsa dangding anu henteu kauger atawa kaiket ku patokan, saperti dina pupuh.

Kiwari mah kawih téh sok disebut oge lagu Sunda bebas atawa lagu pop Sunda.



NAON HARTINA PURWAKANTI?

Ari nu disebut purwakanti téh padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah.
Sarupaning mamanis basa nu diudagkeun kana sora.


etih suci nyiram bumi        (sora i)
tulang sétra mulang lemah  (sora a)

teu honcéwang sumoréang  (sora a)
tékadna pahlawan bangsa   (sora a)

angkat ngagandeuang (sora a)
bangun taya karingrang (sora a)



CONTOH KAWIH


Rumpaka Kawih Es Lilin

  • Es lilin mah (dunungan) kalapa muda

  • Dibantun mah (dunungan) ka sukajadi

  • Abdi isin dunungan samar kaduga

  • Sok sieun mah aduh henteu ngajadi

  •  

  • Es lilin mah … didorong-dorong

  • Di bantun mah … dibantun kasukajadi

  • Abdi isin dunungan samar kaduga

  • Sok inggis mah aduh henteu ngajadi


  • Es lilin mah ceuceu buatan bandung

  • Dicandak mah geuning ka Cipaganti

  • Abdi isin jungjunan duh bararingung

  • Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

  •  

  • Itu saha jungjunan nu nungtun munding

  • Digantélan geuning ku saputangan

  • Itu saha dunungan ku ginding teuing

  • Singhoréng mah aduh geuning jungjunan



pada ka-3
Timbulna kasieun/kabingung rasa kacintana teu tinekanan/ngajadi

Pada ka-4
Nyawang/ neges-neges hiji jajaka anu katara ginding anu singhoréng geuning éta téh jajaka anu dipikaasihna/dipikacintana
Pada ka-1 jeung ka-2
pada ka-1 nétélakeun rasa kabingung/kasieun hiji wanoja sieun kacintana ka hiji jajaka teu tinekanan/laksana dimana kasieun éta leuwih di antebkeun deui dina pada ka 2 anu ngagambarkeun si jajaka anu ginding biheung katandingan ku si wanoja.



Komentar