HARTINA DONGENG
Dongeng nyaeta karya sastra anu mangrupa carita rekaan atawa khayal dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.
Ciri khas carita anu aya dina dongeng nyaeta mangrupa carita rekaan atawa khayal anu biasana pamohalan atawa teu asup kana akal jeung loba bohongna. Tapi kusabab caritana sok pamohalan jeung loba bohongna, dongeng sok dipikaresep ku barudak. Kukituna carita nu aya dina dongeng sok dieusian oge ku atikan anu penting pikeun dijadikeun pieunteungeun atawa picontoeun keur barudak.
1. Dongéng sasatoan (Fabel)
2. Dongéng Sasakala (Legénda)
3. Dongéng Babad (Sagé)
4. Dongéng Pamuk
5. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabel)
6. Carita Para Nabi/Wali (Mite)
7. Dongéng Pieunteungeun
PALENGGERAN NGADONGÉNG
1. Kudu apal naskah dongéngna
2. Ulah nu siga ngapalkeun
3. Kudu ngajiwaan eusi dongéng
4. Atur volume sora
CONTOH DONGENG
Si Kabayan Ngala Nangka
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana.
Nu kolot ngala nangka teh Kabayan, ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyoren bedog rek ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka.
Manggih nu geus kolot hiji tur gede pisan. Tuluy we diala. Barang dipanggul, kacida beuratna. Wah, moal kaduga yeuh mawana,”pikir Si Kabayan teh.
Tuluy wae nangka teh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. “Jung wae balik ti heula, da geus kolot ieuh,” ceuk Si Kabayan teh, nyarita ka nangka. Barang nepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana. “Kabayan meunang ngala nangka teh?”
Komo wae meunang mah, nya gede, nya kolot,”tembal Si Kabayan. Mana atuh ayeuna nangkana?” mitohana nanya. “Har, naha can datang kitu? Apan tadi dipalidkeun, dititah balik heula,” ceuk Si Kabayan teh. “Ari maneh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya, nangka bisa balik sorangan! Mitoha `si Kabayan keuheuleun pisan.
Komentar
Posting Komentar