MATERI BAB BIOGRAFI

BIOGRAFI 🡪 Istilah umum keur karangan riwayat hirup, biasana maké gaya jalma katilu (manéhna, anjeunna)

OTOBIOGRAFI  🡪 Karangan biografi anu ditulis sorangan ku jalmana, sarta biasana ngagunakan gaya jalma kahiji (abdi, kuring).


CONTO BUKU BIOGRAFI

  



CONTO TEKS BIOGRAFI


Biografi Kang Ibing Kusmayatna


    Ibing kusmayatna atawa RadĂ©n Aang Kusmayatna Kusumadinata ogĂ© dipikawanoh minangka Kang Ibing gumelar di Sumedang, Jawa Barat, 20 Juli 1946, tilar dunya di Bandung Jawa Barat, 19 Agustus 2010 dina umur 64 taun. Kang Ibing nyaĂ©ta salah saurang inohong Sunda, tukang bodor De’ Kabayan. Kang Ibing tĂ©h nyaĂ©ta anak ti papasangan RadĂ©n Suryatna Kusumahdinata jeung RadĂ©n Kusdiah.

    Tamat ti SMA anjeunna nuluykeun ka Jurusan Bahasa Rusia Fakultas Sastra UNPAD nepi ka lulus jadi sarjana muda. Kang Ibing nalika mahasiswa kungsi jadi pupuhu kasenian Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS). Penasihat Departemen Kesenian UNPAD, sarta jadi asistĂ©n dosĂ©n Fakultas Sastra. Taun 1986, di Bandung loba radio swasta niaga, kayaning Radio Mara 27. Kang Ibing ngamimitian karirna ti dinya salaku penyiar dina radio sarta nu ngokolakeun acara obrolan rinĂ©h, bodor tapi pinuh ku kritik di radio Mara. Kalawan lentong Sundana nu has sarta cara mawakeun acara nu ngalĂ©r ngidul kumaha karep, jadi hal nu unik tur dipikaresep ku masarakat.

    Bareng jeung Aom Kusman, Suryana Patah, Wawa Sofyan sarta Ujang anjeunna nyieun grup lawak “De Kabayan” (1970-an). Taun 1975 jadi tokoh utama dina pilem”Si Kabayan” kalawan produserna Tuty Suprapto. Tuluy maen pilem-pilem liana kayaning “Ateng The Godfather” (1976), “Apanya Dong” (!985), “Si Kabayan dan Gadis Moderen” (1990), “Bang Kojak” (1977), “Bos Carmad” (1990), Komar Si Glen Kemon Mudik” (1990), “Warisan terlarang” (1990), jeung “Di Sana Senang di Sini Senang” (1990).

                                                                                 Dicutat tina: Wikipedia


UNSUR-UNSUR BIOGRAFI


Kalahiran & Asal-usul Kulawarga


Bentuk fisik & Karakter


Riwayat Pendidikan


Profesi/Padamelan


Pikiran & Gagasan


Karya/ Hasil gawé


Préstasi jeung Panglélér/

Penghargaan


Mangpaat Biografi:


  • Urang bisa diajar & ngeunteung kana pangalaman hirup hiji inohong.

  • Urang bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh.

  • Biografi hiji tokoh bagian tina dokumen sajarah.

  • Biografi bisa jadi inspirasi atawa motivasi keur nu macana.

  • Urang bisa mikapaham hiji kajadian/peristiwa tina perspektif anu bĂ©da-bĂ©da.



Komentar