MATERI BAB BIANTARA


alt teks


 NAON HARTINA BIANTARA

  • Biantara nyaeta nyarita hareupeun balarea.

  • Rupa-rupa biantara : dadakan, ngapalkeun, maca naskah , jeung tanpa naskah

  • Bagian naskah biantara: salam bubuka,bubuka,eusi,panutup,jeung salam panutup


Struktur biantara:



a. Bubuka

    b. Eusi

    c. Panutup    


CONTOH BIANTARA


1. Bubuka


Ibu-ibu, bapa-bapa, hadirin sadaya.  Sateuacanna, mangga urang munajat ka Gusti nu Maha suci.Ku hidayahna urang tiasa patepung

wajah patepung lawung.Dina danget  ayeuna sim kuring bade ngadungikeun biantara nu judulna “perluna miara warisan karuhun.


2. Eusi

  Basa Sunda téh basa anu diagungkeun ku urang Sunda. Jalaran urang sadaya putra daérah seuweu-siwi Pasundan, nu matak wajib ngamumulé basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Namung, hanjakalna dina mangsa kiwari basa Sunda anu kasohor lemesna téh tos méh-méhan teu diadaban ku para nonoman. Tah, nilik kaayaan kitu, urang salaku bibit-buit Ki Sunda kedah kumaha atuh? Dina perkara ieu pisan, sim kuring baris babalagonjangan ngadugikeun pamadegan sim kuring.

3. Panutup

    Sakitu anu kapihatur, tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.Mugia mung sanaos alakadarna, aya mangpaatna kanggo urang sadaya.






TUJUAN, CIRI-CIRI, STRUKTUR BIANTARA


pembahasan video di sini

Komentar